No video

Perbawa zaman | Nadzom sunda pepeling

Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
Follow : @rismayunita07_
Karya : Mama Qurthubi
Ku bismillah dikawitan
Ngadameul ieu syiiran
Ngalap berkah ku jenengan
Alloh anu ngarohmatan
Sholawat sareng salamna
Mugi dilimpahkeun nana
Ka kanjeung lan sohabatna
Rawuh ka kulawargina
Waba’du tah ieu nadzom
Pepeling ka sepuh anom
Mugi-mugi sing kafaham
Ku ati sarta ku cangkem
Deungeun-deungeun jeung baraya
Nu di kampong nu di kota
Anu miskin anu kaya
Dangukeun ieu carita
Eling-eling ikhwa-ikhwan
Urang sing waspada pisan
Kana perbawana zaman
Poma ulah rek nurutan
Sabab di zaman ayeuna
Loba jalma nu sasarna
Hirupna sakama-kama
Nurutkeun hawa nafsuna
Akhlak nu banget gorengna
Dipake modal hirupna
Henteu dipikir akhirna
Asal ngeunah ayeuna na
Dirina dipapaesan
Ku akhlak nu goreng pisan
Anu matak ngajadikeun
Nambahan kana siksaan
Harta banda kakayaan
Diajangkeun pidosaeun
Eta teh henteu nyalahan
Sanjata nu makan tuan
Manga ayeuna tingali
Di kota di kampong sami
Jalmi-jalmi teh mareuli
Alat-alatul malahi
Alatul malahi nyatea
Ayeuna mah rupa-rupa
Di kampong di kota loba
Di nu miskin di nu kaya
Baheula ukur radio
Ayeuna aya video
Kolot budak sok narempo
Kana siksaan mah poho
Tv tape mah komo deui
Geus banget loba nu bukti
Sabab nukitu kabeuli
Ku manusa tukang kuli
Sing horeng eta tipuan
Pamatung sakadang setan
Nu lantik teu kanyahoan
Ka manusa nyilakakeun
Nu matak hey jalmi-jalmo
Urang teh sing ati-ati
Setan tara katingali
Sok nyongnycong ka jero ati
Hate teh sok dilojokeun
Kana jalan pibahyaeun
Sareng sokna di weugahkeun
Kana jalan pibagjaeun
Para ibu para bapa
Ayeuna mah geuning nyata
Sato teh leuwih berharga
Daripada tuang putra
Sabab ari tuang putra
Can balik geus liwat isya
Bapa teu gaduh curiga
Ka anak keur di perkosa
Tapi ari ka hayam mah
Teu kaop eweuh ka susah
Hatena sok banget riweuh
Boa hayam teh ku careuh
Hayam can balik geus asar
Kana hate asa bencar
Matak riweuh saleleumbur
Sok nyarek batur sakasur
Hey sodara sakalian
Manga geura tingalian
Jalma zaman ieu pisan
Reseup nateh keluyuran
Komo mun aya tongtonan
Sok dijieun kasempatan
Membuat happy happy an
Lelaki dan perempuan
Hey dulur-dulur sadaya
Kedah apik ngurus putra
Mun gagabah ngurus putra
Pinangtu timbul nalangsa
Sabab mun anak cilaka
Sepuh teh sok kababawa
Nu matak hey bapa-bapa
Anak urang pelihara
Anak jangan dibiarkan
Angguran mah papatahan
Ku elmu kaagamaan
Beh salamet teu nyalahan
Mun urang henteu tiasa
Mamatahan tuang putra
Pasrahkeun bae ka ulama
Ahli sunnah nu utama
Dulur-dulur taringali
Ayeuna geuning bukti
Lalaki awewe sami
Oratna henteu baruni
Malahan ayeun istri
Loba nu sok make jengki
Rarasaan namah aksi
Asa jadi bintang negeri
Padahal nu kitu istri
Anu di laknat ku Gusti
Anu di bendu ku Gusti
Kana akhlak acan ngarti
Aya istri nu nyalindur
Calana na semet tuur
Dirina banget takabur
Rasa aing anu luhur
Malah aya istri osok
Nganggo calana nu pondok
Nu kitu teh istri koclak
Rada pe’ing kurang otak
Make rok teu aneh deui
Istri di zaman kiwari
Lamun ekeur nongeng bukti
Liang toke katingali
Padahalm nu saleresna
Istri nu sehat akalna
Serba buni panganggona
Nurut hokum agamana
Wahai kaum-kaum istri
Sing gaduh akhlak pinuji
Nganggo anggoan sing buni
Poma ulah buni sapi
Malah cobi darangukeun
Pidawuh ulama pisan
Istri geulis teu nyalahan
Sanes geulis teu dangdanan
Geulisna ku pinuh iman
Iman anu penting pisan
Emas intan jeung berlian
Henteu jadi mapaesan
Salawe teh dua lima
Salikur mah dua hiji
Awewe zaman ayeuna
Sok di cukur kos lalaki
Awewe di ieu zaman
Rambut panjang di tukungan
Rasa namah geulis pisan
Dasar nu kurang ingetan
Di cai loba kapiting
Kapiting katincak munding
Istri rambutna digaling
Kawas landak keur muriding
Anu masih panjang aya
Tapi dicindungna langka
Sakapeung di untun nyata
Nyemples cara buntut kuda
Hey dulur-dulur sadaya
Urang sami nganggo kana
Akhlak mu’mina sholihah
Ulah palihi jeung shubhah
Jalmi gaduh akhlak beres
Pijodoeun jalmi cageur
Leres moal na tigebros
Kana tipu sing waspaos
Jalmi boga akhlak goreng
Pada sieun ciga odeng
Ti gebrosna kana jurang
Isina tempat kalabang
Ieu pepeling tos tamat
Mudah-mudahan manfaat
Ka muslimin ka muslimat
Di dunia jeung di akherat
Kengeng hasil tolab elmu
Amal saepurrohimin
Anu pangdhoifna jalmi
Nu seueur lampah teu resmi
Duh Gusti nu maha suci
Nyuhunkeun abdi ka Gusti
Maghfiroh anu utami
Khusus kangge pribadi
Sareng na deuih teu lali
Kangge ibu rama abdi
Umum kangge jalmi-jalmi
Anu tobatna ka Gusti
Sarengna nyuhunkeun abdi
Ka Gusti nu maha suci
Dilindungi rohmat Gusti
Fiddunya walakhiroti
#Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

Пікірлер: 6

  • @manggis504
    @manggis5049 ай бұрын

    Selamat malam teteh salam support

  • @Widiaa-kh5de
    @Widiaa-kh5de9 ай бұрын

    Adem hati saya

  • @ridwansaputra6321
    @ridwansaputra63219 ай бұрын

    Semang nya teh 😊

  • @Gusti21-e5l
    @Gusti21-e5l9 ай бұрын

    Ustadzah katampi 🙏🙏🙏 Widi kangge kreasi santri🙏🙏

  • @GrzlyC.J
    @GrzlyC.J9 ай бұрын

    Dipepende ku ieu syairan.. semangat teh Risma

  • @edahjubaedah2357

    @edahjubaedah2357

    8 күн бұрын

    Dwt Mtjuw9juwnjm X😅