NADOMAN SUNDA GEUNING MAOT NGADODOHO - Dadan Hermansah

LIRIK NADOMAN SUNDA GEUNING MAOT NGADODOHO - Dadan Hermansah
Hayu geura saradia
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya
Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo
Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking
Horeng nyawa eujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa dipisahan
Paturay tineung pamitan
Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan
Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong
Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat
Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Ngabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan
Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah
Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ka alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur
Rek naon anu di bawa
Duit atawa sawah lega
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea
Beunang tisusuk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung
Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggas komper
Di tengah imah ngagoler
Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas
Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan masih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung
Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet hanteu sanggup
Padahal waktu mah cukup
Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy hanteu nyubadanan
Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buruan
Tinggarisik ting rariung
Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan
Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak rupek heureut
Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas cukireuh susah
Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan
Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur
Oge harta banda kuring
Nu dipuhit buerang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring
Hanjakal aduh hanjalak
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel
Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih
Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat
Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek runggu jawab sorangan
Geura jawab pariksana
Paremutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan
Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping
#nadomansunda #pupujiansunda

Пікірлер: 40

  • @tutikasteni440
    @tutikasteni440Ай бұрын

    Mang obat urang Jonggol Bogor hadir

  • @tutikasteni440
    @tutikasteni440Ай бұрын

    Pameungpeuk Garut hadir

  • @user-mh7wk2of2d
    @user-mh7wk2of2dАй бұрын

    Allah Huma solli ala Muhammad semoga kita semua dapat sfaaat bagin da nabi Muhammad Saw Amin❤ roosulullh a Al rabbal Al-Amin 😘

  • @user-ee4ld6uc6w
    @user-ee4ld6uc6w6 ай бұрын

    Masya Allah,mani nyeredet Kana hate

  • @tutikasteni440
    @tutikasteni440Ай бұрын

    Garut hadir

  • @RiskiSport-vh6zo
    @RiskiSport-vh6zoАй бұрын

    bagus sejuk

  • @mempischepay7159
    @mempischepay715910 ай бұрын

    Ingat dulu waktu kecil sehabis beres ngaji langsung nadom ini 🥺🥺🥺🥲 alfatihah buat alm guru ..

  • @user-cp7ss4zo9u
    @user-cp7ss4zo9u Жыл бұрын

    Masa alloh merinding areling dulur

  • @galigali-bk2zt
    @galigali-bk2zt Жыл бұрын

    Palembang suppot

  • @dadan_hermansah

    @dadan_hermansah

    Жыл бұрын

    Alhamdulillah, terima kasih Kak...🙏

  • @nyaikusmiati3107
    @nyaikusmiati3107 Жыл бұрын

    Subhwloh..... Mudhn" urang sing di kalebet keun jalmi nu khusnul khotimah.... Aamiin....!

  • @dadan_hermansah

    @dadan_hermansah

    Жыл бұрын

    Aamiin ya Allah ya rabbal 'aalamiin...🤲

  • @NawiNawu-vq3dn

    @NawiNawu-vq3dn

    Жыл бұрын

    Amin yarobal alaminnn

  • @kangis9144
    @kangis91449 ай бұрын

    🙏🙏👍👍salam dari barokallah watawallah

  • @galigali-bk2zt
    @galigali-bk2zt Жыл бұрын

    Palembang kasih jempol

  • @anggun8615
    @anggun86159 ай бұрын

    Mugi sing ngajantenkeun hidayah ka urang saday

  • @user-kd7xl6ej1s

    @user-kd7xl6ej1s

    4 ай бұрын

    aamiin

  • @holisn6619
    @holisn661910 ай бұрын

    Aduh jadi ingat , alham dllah.

  • @user-wy2rr2iq9t
    @user-wy2rr2iq9t9 ай бұрын

    Muga janten fefeling kanggo diri abdi umum namah anu ngufing kana iye fufujian sing janten fang geing amin ya rabbal alamin 😢❤

  • @juna-yz5up

    @juna-yz5up

    8 ай бұрын

    Muga2 atuh sing daraek ngadzom nukarieu th d,styp mushola ngrh laleuleus hte

  • @ajidyunawan5665
    @ajidyunawan56656 ай бұрын

    Qobiltu ,Aamiin ya alloh ,

  • @srisutarmiati8782
    @srisutarmiati8782 Жыл бұрын

    Ok

  • @Aobaytea82
    @Aobaytea826 күн бұрын

    Qobiltu,izin save

  • @galigali-bk2zt
    @galigali-bk2zt Жыл бұрын

    Salam dari palembang

  • @user-kd7xl6ej1s
    @user-kd7xl6ej1s4 ай бұрын

    nyeredet kana hate rumasa hirup abdi seer dosa

  • @user-js2js4rf3z
    @user-js2js4rf3z9 ай бұрын

    Nyeredet kana hate

  • @juna-yz5up

    @juna-yz5up

    8 ай бұрын

    Nya ey lantaran te d,Musikan mun,d Musikan mh dari pada leu2s KLH teuas ht th

  • @jayabuah-sz9nq
    @jayabuah-sz9nq3 ай бұрын

    Barokalloh sung sehat mang ,asa inget kalembur unggal pangaosan pasti ieu nadom na ,nuhun ahh

  • @dadan_hermansah

    @dadan_hermansah

    Ай бұрын

    Aamiin samulihna Kang mugia barokah sadayana, sami-sami... 🙏

  • @user-jw9vg2ts8q
    @user-jw9vg2ts8q4 ай бұрын

    Aslmkum yeredet ASA EMUT KA PUNGKUR NUJU Taun 80. Han nj di ajar ngaos

  • @mintarsahcacah2550
    @mintarsahcacah2550 Жыл бұрын

    Assalamualaikum wrwb , mdh"an urang cing di istiqomah kn dina ngajln kn naon "anu di prntah kn ku Allah swt sareng cing di lbtkn kna surgana Allah swt Aamiin ya Allah yaa robbal alamiin

  • @dadan_hermansah

    @dadan_hermansah

    Жыл бұрын

    Aamiin ya Allah ya rabbal 'aalamiin...

  • @user-vy3tj5vo1n
    @user-vy3tj5vo1n11 ай бұрын

    Amin ❤😅

  • @abahdudun7045
    @abahdudun70459 ай бұрын

    👍👍👍👍👍👍👍👍👍

  • @yukesaraswati3363
    @yukesaraswati3363 Жыл бұрын

    😂terharu sedih mendengar jah

  • @shandysusandi2175
    @shandysusandi2175 Жыл бұрын

    Innalillahiwainnailaihirojiun😢

  • @tutikasteni440
    @tutikasteni440Ай бұрын

    Pameungpeuk Garut hadir

  • @motekarexplore2350
    @motekarexplore235010 ай бұрын

    Ciamis hadir

  • @juna-yz5up

    @juna-yz5up

    8 ай бұрын

    Cikopi beak