Panggeuing diri anu lali | Nadzom Sunda

Музыка

Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
Follow : @rismayunita07_
From channel : Ust. Hadad Hasby Official
Hey sakabeh ummat Islam
Nu aya di ieu alam
Anu sami-sami paham
Wajib ngaji mah sing dawam
Margina urang sadaya
Hirup sakadar ngumbara
Duka isuk duka jaga
Rek ninggalkeun alam fana
Geuning hirup teh teu langgeung
Urang sing ngarasa keueung
Sanajan masih katineung
Umur hayang panjang ngampleng
Urang teh salaku ummat
Sadaya mikul amanat
Wajib ngaji wajib sholat
Lima waktu ulah elat
Entong hayoh bae sibuk
Ti sore dugika isuk
Da dunia mah bakal ambruk
Jasad urang bakal buruk
Numawi sing seueur eling
Ti beurang sareng ti peuting
Silih ajak silih aping
Silih jaga silih geuing
Tukang dagang tukang tani
Sing nyara’ah kana diri
Meh dunia akherat teu rugi
Tong tinggal sholat jeung ngaji
Jerih payah banting tulang
Beak peuting beak beurang
Eweuh waktu anu senggang
Belaan ngaji teu datang
Karepot ejeung kariweuh
Moal arek reureuh reureuh
Boro nu sagala euweuh
Ngala dunia moal seubeuh
Dunia tungtut elmu siar
Pan urang wajib ikhtiar
Supaya urang diganjar
Waktu ngaji ulah liar
Sanajan repot digawe
Euweuh waktu anu nyalse
Peupeujeuh geuwat tong pere
Pagawean tunda bae
Geus datang malakal maot
Taya budak taya kolot
Taya salse taya repot
Tetep nyawa mah dibetot
Teu bisa mundur sadetik
Najan urang bari ceurik
Harta banda teu dilirik
Tetep urang bakal balik
Balikna ka alam kubur
Waktuna ninggalkeun lembur
Ayeuna mah amit mundur
Harta banda milik batur
Anu meunang jerih payah
Loba kebon loba sawah
Kendaraan katut imah
Geus maot ku batur pasrah
Euweuh anu bisa nulung
Sanajan duit satangtung
Engke mah bakal kaduhung
Ngan dunia nu digugulung
Henteu inget henteu apal
Isuk rek datangna ajal
Beak waktu eukeur amal
Akibatna hirup gagal
Sapapanjang hirup poho
Padahal ajal geus nempo
Nyawa urang didodoho
Dicabut teu mere nyaho
Peupeujeuh sing buru-buru
Meungpeung aya keneh waktu
Pikeun urang nyiar elmu
Saban dinten saban minggu
Hirup urang masing mikir
Rek ngajawab munkar nakir
Nu datangna matak gimbir
Bari mamawa gegendir
Hayu urang geura tobat
Meungpeung urang encan telat
Omat tong ninggalkeun sholat
Ngarah salamet akherat
#Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

Пікірлер: 1

  • @user-wn1sv1ik8q
    @user-wn1sv1ik8q2 ай бұрын

    Lanjutkan da'wahnya