10 rupi siksa istri | Nadzom Sunda

Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
Follow : @rismayunita07_
Bismillah abdi ngawitan
Allah anu sifat rohman
Rohmat salam ka jungjunan
Muhammad rosul pilihan
Waktos nabi di isro’keun
Naraka ditingalikeun
Ningal seueur pisan istri
Nu disiksa rupi-rupi
Ari anu kahijina
Nu digantung teh rambutna
Bongan di alam duniana
Teu bisa nutup auratna
Ari anu kaduana
Digantung sareng letahna
Nganyeurikeun salakina
Ku omong sareng ucapna
Ari anu katiluna
Di ikat payudarana
Bongan nyusu lain anakna
Teu saidzin salakina
Ari anu ka opatna
Di ikat dua sukuna
Bongan kaluar imahna
Teu saidzin salakina
Ari anu ka limana
Ngadahar awak manehna
Bongan waktu baheulana
Waktu di alam duniana
Ngageulis awak manehna
Ditempo lain muhrimna
Sabab sok ngomongkeun batur
Ngomong-ngomong aib batur
Ari anu ka geuneupna
Motongan awak manehna
Tina gunting narakana
Anu kacida panasna
Karna dosa maneh nana
Mashyur di alam duniana
Terkenal ku jalma-jalma
Bari jeung dipuja-puja
Ari anu ka tujuhna
Di ikat dua sukuna
Sareng kadua leungeuna
Dugika ka ubun-ubuna
Terus di beulit orayna
Sareng ku kalajeungkingna
Eta kitu siksaanna
Ka istri tara sholatna
Oge tara puasana
Tara mandi jinabahna
Oge teu daek wudluna
Waktu di alam duniana
Ari anu ka dalapan
Beungeut nateh siga celeng
Awakna siga kelede
Eta kitu siksaana
Karena di alam duniana
Tukang ngadu-ngadu domba
Ku omongan jeung sikapna
Oge resep ngabohongna
Tina sadaya ucapan
Bari jeung teu dipikirna
Eta teh geude dosana
Kaduhung di akheratna
Ari anu kasalapan
Beungeut nateh siga anjing
Tukang fitnah tukang ngambeuk
Kanu jadi salakina
Padahal eta dosana
Kacida pisan geudena
Maka urang sing paurna
Kana siksa Pangeranna
Ari anu ka sapuluh
Beungeut nateh siga gogog
Seuneu asup na biwirna
Kaluar tina duburna
Eta kitu siksaan na
Kanu sok ngungkit-ngungkitna
Pamere ti salakina
Teu pisan ditarimana
Dengki sareng nyeuri hate
Teu taat ka salakina
Eta kitu di duniana
Maka urang sing sieuna
Tah kitu teh siksaanna
Istri nu loba dosana
Bongan waktu keur hirupna
Teu taat ka Pangeranna
#Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

Пікірлер: 2

  • @rideoneAX125
    @rideoneAX125

    ❤MasyaAllah.. dinadomkeun ku istri solehah..

Келесі