Nadzom Sunda | Pedoman akhlaq pikeun jalma nu keur ta'lim

Музыка

Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
Follow : @rismayunita07_
From channel : GULMER
Sagala puji kanggo Alloh nu mulya
Ku elmu jeung amal urang bisa mulya
Sholawat jeung salam salami-lamina
Ka Nabi nu paling bagus pituduhna
Nungtut elmu wajib kudu make niat
Sabda Nabi shohna amal sabab niat
Loba amal dunia kulantaran niat
Mun hade maka jadi amal akherat
Nungtut elmu kuduna diniatan
Neangan ridlo Alloh nu maha Rohman
Oge diniatan neangan pahala
Ngahirupkun jeung ngalanggeungkeun agama
Ngaleungitkeun kabodoan ti awakna
Jeung sakabeh jalma nu nyata bodona
Syukur kana anugerah Alloh ta’ala
Rupa nikmat akal jeung sehat akalna
Neangan elmu wajib syukur ku lisan
Harta jeung hate oge anggota badan
Jeung ulah karena perhatian manusa
Jeung ulah karena neangan harta banda
Lain hayang dimulyakeun pamarentah
Luruskeun niat karena Alloh marentah
Nu neangan elmu eta moal bisa
Meunangkeun elmu jeung kamanfaatanna
Anging ku lantaran gagungkeun ka elmu
Ngagungkeun guru jeung ka ahlina elmu
Jalma moal kufur kusabab maksiat
Tapi jadi kufur sabab tinggal hormat
Nu ngajarkeun hiji huruf di agama
Maka jadi bapa urang di agama
Ulah wani leumpang di hareupeun guru
Jeung ulah nempatan tempatna guru
Nalika guru cape tong loba nanya
Kudu bener-bener neangan ridlona
Kudu ta’at ka sakabeh parentahna
Salian nu maksiat ka Pangeranna
Ulah mulai ngomong lamun henteu aya
Idzin guru jeung ulah sok loba basa
Ulah sampe nyieun hewa guruna
Kudu mulyakeun anak jeung kerabatna
Saha nu sok nganyeunyeurikeun guruna
Moal meunang kabarokahan elmuna
Elmu teu hasil jeung teu bisa manfaat
Anging saeutik maka ka guru ta’at
Lamun anak hayang jadi jalma ‘alim
Kudu resep jeung mulyakeun jalma ‘alim
Lamun anak teu jadi jalma nu ‘alim
Maka incuna nu bakal jadi alim
Kana kitab urang kudu ngamulyakeun
Ulah nyeukeul mun badan can disucikeun
Ulah ngalonjorkeun suku kana kitab
Simpen tafsir diluhur sakabeh kitab
Ulah nyimpen barang dina luhur kitab
Jeung baguskeun lamun nulis dina kitab
Lamun nulis ulah laleutik hurufna
Bere jarak teu nyesel ke ningalina
Nulis kitab ulah beureum tintana
Ahli filsafat eta pagaweanna
Keur neangan elmu kudu ngadengekeun
Najan pernah ngaji kudu ngamulyakeun
Sanajan geus ngaji 1000 kali
Komo mun can pernah sama sakali
Teu kaasupkeun jalmi nu ahli elmu
Lamun bosen dina neangan elmu
Neangan elmuna kudu sungguh-sungguh
Rajin tekun semangat teu gurung gusuh
Wujudkeun cita-cita ku kaikhlasan
Urang pasti bakal meunang kasuksesan
Kudu sabar nalika meunang ujian
Alloh pasti mere ka jalma nu iman
Dina ngeker nafsu urang kudu tahan
Keur ngaji pasti manggih loba godaan
Hese paham sabab dosa ka Pangeran
Geura tobat tina nu tos dilakonan
Ulah bosen dina ngulang pelajaran
Jeung kudu rajin kana ngulang hafalan
Kasuksesan diukur ku kapayahan
Ngado’a mun urang manggih kasulitan
Biasakeun ngaji ngafal madep qiblat
Supaya meunang elmu langkung manfaat
Elmu jeung wudlu eta jadi cahaya
Langgeung wudlu boga elmu tambah mulya
Mugi nadzom ieu aya manfaatna
Kanu maca jeung ka anu nulisna
Tina kitab Hidayatul muta’allim
Karangan kiyai Taufiqul Hakim
Nadzoman kitab Ta’limul Muta’allim
Pedoman akhlak ka jalma nu keur ta’lim
Mugi Alloh ngabuka pintu hampura
Ka sim abdi nu hirupna lalawora
Jeung ka indung bapa katut baraya
Oge ka guru-guru abdi sadaya
Muji syukur ka Alloh nu maha Agung
Ngan ka Alloh ta’ala urang gumantung
Sholawat salam mugi tetep ka Nabi
Muhammad sareng ka kaluargana nu suci
Ka shohabat jeung tabi’in ti ummatna
Dugika urang salaku pengikutna
Lobakeun maca sholawat ka mantenna
Mugi-mugi urang kengeng syafa’atna
Tetep iman islam sampe akhir hayah
Dimaotkeun kalayan husnul khotimah
Aamiin yaa Alloh yaa Robbal ‘aalamiin
Aamiin yaa Alloh yaa mujibassa’ilin
#Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

Пікірлер: 7

  • @rismayunita
    @rismayunitaАй бұрын

    Teks nazom Arab di awal : الحمدلله الذي فضلنا # بالعلم والعمل كرمنا ثم صلاة والسلام ابدا # على النبي خير من قداهتدى

  • @nurlelakejora4601
    @nurlelakejora4601Ай бұрын

    MasyaAllah.... Meni rangu pisan teteh suantenna. Abdi seneng sok ngadangukeun wae nadzom2an teteh... Lajengkeun teh... Semangat terus...

  • @rismayunita

    @rismayunita

    Ай бұрын

    Alhamdulillah hatur nuhun tth parantos kersa ngupingkeun mugi sim abdi tiasa istiqomah aamiin.

  • @anasnasrullah460
    @anasnasrullah460Ай бұрын

    Subhanalloh Suantena Endah Pisan..

  • @abicakraprawira2413
    @abicakraprawira2413Ай бұрын

    👍🏻

  • @NaziliVlog
    @NaziliVlogАй бұрын

    Hadir teh

  • @rismayunita

    @rismayunita

    Ай бұрын

    Hatur nuhuuun

Келесі