Sya'ir sunda tentang rumah tangga

Музыка

Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
Follow : @rismayunita07_
From channel : NUR IHSAN OFFICIAL
Rumah tangga rumah susun
Tempat jalan kahirupan
Ngabina hirup duaan
Perlu modal pengorbanan
Butuh kuat patekadan
Didamping pengetahuan
Boga cinta kekayaan
Saling paham perbedaan
Mun cinta kudu setia
Mun nyaah kudu jeung bela
Ulah nuturkeun nafsuna
Ulah kumaha egona
Kakurangan sok tutupan
Kawirangan sok pidingan
Saling butuh tur cumponan
Kudu saling pengertian
Salaki kudu lindungi
Istri kuduna ngajagi
Salaki ngawuruk ngaji
Istri nu tholabul ‘ilmi
Salah sahiji pasangan
Geuwatkeun hahampura’an
Lamun boga kasalahan
Geude hate hampura’an
Ulah sumput salindung
Najan rek mere ka indung
Lalaki mah masih untung
Pamajikan maling-maling
Kudu saling ngasehat
Mun aya dijalan sesat
Toel mun eukeur maksiat
Ajak ka jalan nu taat
Pasangan saling du’akeun
Sangkana disalametkeun
Kenging bimbingan Pangeran
Ku Allah ditulungan
Seringkeun komunikasi
Musyawarah teh solusi
Ningkat ibadah ka Gusti
Hirup meunang ridlo Gusti
Turutkeun heg salaki
henteu maksiat ka Gusti
Raja samuka bumi
Keur ka satiap istri
Sing alus ka pamajikan
Ameh lancar pakasaban
Tong aya perselingkuhan
Meh timbul kabarokahan
#Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

Пікірлер

    Келесі