Menyayat hati!! Kisah wafatna Siti Aminah ibu Rosulullah SAW | Nadzom Sunda

Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
Follow : @rismayunita07_
Harita nabi ayana
Di lembur ibu inangna
Halimah jenengana na
Sa’diyah ngaran lemburna
Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Waktos Nabi di bobotkeun
Dua sasih kaunggulkeun
Barang ka opat taun na
Rosul dicandak ibuna
Ziaroh ka maqom Abdullah
Di abwa negeri Madinah
Saparantosna ziaroh
Teu lami lajeungna mulih
Nuju dina perjalanan
Raden Aminah nyecepan
Parantos tiris karaos
Bari nangis jeung nyarios
Urang reureuh heula bae
Sabab umi atos cape
Tina onta lajeung turun
Dina lebah gunung huzun
Lajeung anjeuna na nyuksruk
Rosul di siraheun calik
Cuma limbah cisocana
Sedih ningali umina
Saurna Raden Aminah
He anak umi nu deudeuh
Umi teu kuat ku sedih
Lamun ngantunkeun anjeun teh
Bari anjeuna ngusapan
Ka Rosul dina siraheun
Rosul nangis diciuman
Heula bari di wurukan
He anak umi parantos
Ngandung jeung lahir jeung ngurus
Tamplokeun kabeh kanya’ah
Ka anjeun nu dipisedih
Anjeun buah hate umi
Anjeun kembang soca umi
Anjeun hidep sing tawakal
Nalika umi tos wangsul
Lain hanteu berat
Ka anjeun tetep nyarapat
Ngaran umi moal pegat
Nepika poe kiamat
Salajeungna Rosulullah
Ka umi anjeuna nyu’uh
Saurna raden Aminah
Umi ka maot tos tereh
Lajeung ngaluarkeun nafas
Rosulullah segruk nangis
Innalillahi wa inna
Ilaihi roji’uuna
Innalillahi wa inna
Ilaihi roji’uuna
Raden Aminah tos ngantun
Di luhureun gunung huzun
Gunung anu palih kulon
Ka mu’alah kantun mudun
Teu lami aya nu datang
Awewe ka eta gunung
Ngaran nateh Majasiyah
Lemburna deukeut Mu’alah
Enggalna ieu lalakon
Rosul ullah di rawatan
Ku Majasiyyah teu kinteb
Bingahna taya bandingan
#Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

Пікірлер: 6

  • @ahmadnurjaman19
    @ahmadnurjaman19

    Masyaallah❤️‍🩹

  • @saepulmilah-q1m
    @saepulmilah-q1m

    😢😢

  • @rsmlyaa25
    @rsmlyaa25

    😭😭😭

  • @pecimerahtv
    @pecimerahtv

    Assalamualaikum warahmatullahi