Kawih Pilihan Terbaik Mang Koko Koswara |DEAS SUNDA|

Музыка

Inilah Kawih-Kawih Pilihan Terbaik Mang Koko Koswara yang bisa teman-teman dengarkan dan nikmati, diantaranya Kawih Malati di Gunung Guntur, Kawih Longkéwang, Kawih Kuring Leungiteun dan Kawih Dina Jandéla.
Selamat mendengarkan dan menikmati, semoga video ini bermanfaat. Apabila teman-teman suka videonya, jangan lupa untuk LIKE dan SUBSCRIBE videonya yah!!! Sekian Terimakasih.......
MALATI DI GUNUNG GUNTUR
Melati di Gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sésétraning rasa
Jadina dina mumunggang
Leuweung larangan
Malati di Gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Béja geus aya nu boga
Ngahaja melak didinya
Para guriang
Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosoca gunung
Boa geus aya nu metik
Duka ku saha
Kamari jol aya béja
Malati ratna mumunggang
Majar can aya nu metik
Duka kunaon
Malati di Gunung Guntur
Ligar dina panineungan, na panineungan
Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kadongkang
LONGKÉWANG
Baheula mun pareng nganjang
Suguhna imut nyi lanjang
Asih nu nganteur harepan
Pasini na kasadrahan.
Mmmh, deudeuh teuing
Na peuting héab naraka
Aya nyawa milar raga
Bébéné mulang ti heula
Bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
Na peuting hujan cimata
Aya waruga palastra
Jajaka raheut haténa
Jajaka raheut haténa.
Ayeuna mun pareng nganjang
Nu témbong ukur kalangkang
Mega mendung na jajantung
Lagu liwung na bangbarung.
...Lagu liwung na bangbarung.
KURING LEUNGITEUN
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieu dikamanakeun
Genclang herang
Cikahuripan di leuwi Sipatahunan
Diréka na papantunan
Kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieu dikamanakeun
Dongéng éndah
Katumbiri tarajé langit nu asri
Widadari turun mandi
Lumungsur ti kahyangan
Gusti rumasa diri gagabah
Ngagadabah alam éndah kagungan Gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir
Ampun Gusti ampun
DINA JANDÉLA
Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu teu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep, rerep
Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun
#kawihsundamangkoko
#albumterbaikkawihmangkoko
#kawihpilihanterbaikmangkoko
#kawihmangkokopengantartidur
#kawihmangkokosunda
#kawihmangkoko
#kawihsundaciptaanmangkoko
#kawihsundabuhun
#kawihmalatidigunungguntur
#kawihlongkéwang
#kawihkuringleungiteun
#kawihdinajandela
#kawihsunda
#kawihpasundan
#kawihsundabuhun
#kawihsundasedih
#kawihsundapengantartidur
#deassunda

Пікірлер: 63

  • @hj.nenengrisyani3889
    @hj.nenengrisyani3889Ай бұрын

    Mang Koko,ceu Euis,Ceu Tati...mugi kenging magfirah Allah...Aamiin..

  • @deassunda

    @deassunda

    Ай бұрын

    Aamiin ya Alloh....

  • @Abdulah1964
    @Abdulah19642 ай бұрын

    Mang Koko almh mugia ditampi iman islam na dan karya mg ttp abadi dan ttp dicintai generasi kedepan..dan mg Klwrganya ttp od dibrkahi Allh...

  • @deassunda

    @deassunda

    2 ай бұрын

    Aamiin ya Alloh. Hatur nuhun piduana kang

  • @DedeSamsudin-so4wb
    @DedeSamsudin-so4wbАй бұрын

    Kertamanah pangalengan hadir baraya ❤

  • @deassunda

    @deassunda

    Ай бұрын

    Alhamdulillah. Wilujeng ngadangukeun kawih2na kang

  • @ajatchandra6713
    @ajatchandra6713Ай бұрын

    Wararaas... 👍👍🙏🙏🙏

  • @deassunda

    @deassunda

    Ай бұрын

    Muhun kang, meni waraas duh

  • @HAMIMSPd.
    @HAMIMSPd.7 ай бұрын

    Pantura hadir .seleramah priangan maklum generasi 80 an

  • @deassunda

    @deassunda

    7 ай бұрын

    Alhamdulillah pantura hadir, wilujeng ngadangukeun kang

  • @tutisuryati4145
    @tutisuryati414510 ай бұрын

    Dina jandela dihariringkeun ku sim kuring dina taun 1970. Duh, waas pisan. 😢

  • @deassunda

    @deassunda

    10 ай бұрын

    Asa waraas muhun teh... Wilujeng ngadangukeun kawih2 Mang koko teh

  • @mangguruary5785

    @mangguruary5785

    10 ай бұрын

    Hariringna kanggo saha bu.... kanggo anjeuna nya Th 1970 abdi kls 3 SPG... Kuningan, duh meni waas.... Sami sareng sim kuring.... hapunten ieu mah emut ka zaman sskola.

  • @yetinuryati774

    @yetinuryati774

    2 ай бұрын

    Pas sami pisan sim kuring oge nuju SPG kelas 3 di Tasikmalaya sareng pa Hapid Haryanto alrm duh waas kagagas.

  • @user-kf5uu3tg4h
    @user-kf5uu3tg4h Жыл бұрын

    Di pangumbaraan nguping lagu 2 mang koko mani raraosan teh kumejot hoyong mulang asa jaratauh panineungan

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Muhun teh, asa waraas muhun ngadangkeun kawih2 mang koko mah

  • @dedisuwandi5153
    @dedisuwandi51538 ай бұрын

    Emut waktos th 70han

  • @deassunda

    @deassunda

    8 ай бұрын

    Muhun Kang, wilujeng ngadangukeun

  • @ddgem3976
    @ddgem3976 Жыл бұрын

    kawih kawih mang koko mah memang raoseun

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Tangtos pisan kang, karya2 mang koko mah luar biasa...

  • @dodiekapermana2350
    @dodiekapermana2350 Жыл бұрын

    Ķacida pisan lamun urang sunda teu ngamumule kawih sundah teh

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Leres kang, lamun sanes ku urang sadaya, ku saha deui muhun kang.

  • @AKartoma-te5dh
    @AKartoma-te5dh3 ай бұрын

    Waraas ..lagu Sunda Buhun enak dengernya .

  • @deassunda

    @deassunda

    3 ай бұрын

    Alhamdulillah. Mudah2n terhibur yah

  • @aseprahmat9022
    @aseprahmat902210 ай бұрын

    Genah merenah turmaninah matak simpe kana hate nguping kawih ci anjuran.. Mang kade jaga riksa seni sunda ulah ka silih ku junti

  • @deassunda

    @deassunda

    10 ай бұрын

    Satuju Kang....

  • @lawesamagaha7105
    @lawesamagaha7105Ай бұрын

    Al.Fateha...abah. Koko 🙏

  • @deassunda

    @deassunda

    Ай бұрын

    Aamiin.....

  • @tinikustini9386
    @tinikustini938611 ай бұрын

    Rancaekek hadir. Aduh meni raoseun pisan, nuju nyantai ngupingkeun lagu sunda meni tiis ceuli herang panon.

  • @deassunda

    @deassunda

    11 ай бұрын

    Leres pisan teh, komo upmi sambil dikopian teh

  • @user-vk5xw3xn6d
    @user-vk5xw3xn6d10 ай бұрын

    Tangerang hadir. Meni waas lah, inget keur ngora.

  • @deassunda

    @deassunda

    10 ай бұрын

    Htr nuhun Kang tos hadir....

  • @rafis4905
    @rafis490511 ай бұрын

    Matak cing seredet kanu manah,, hatur nuhun mang koko🙏🙏🙏

  • @deassunda

    @deassunda

    11 ай бұрын

    Muhun kang, mtak nyeredet pisan kana manah kawih2 mang koko mah

  • @AjengSuci-mj5rg
    @AjengSuci-mj5rg Жыл бұрын

    Waas asa jaman 60 an

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Muhun nya teh, asa waraas

  • @eemsukirman
    @eemsukirman Жыл бұрын

    Nyerep kana ati......lain sakadar lagu.

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Leres teh... Mugia tiasa kahibur teh....

  • @babansobana9693
    @babansobana9693 Жыл бұрын

    Waraas nyoreang ka tukang.

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Muhun Kang meni waraas

  • @aimimin5014
    @aimimin5014 Жыл бұрын

    Waraas raraosan teh mani asa ti belat emut ka jaman kapungkur nuju araya keneh sepuh

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Muhun teh leres pisan, upmi ngupingkeun kawih2 mang koko teh meni waraas

  • @user-fh2qc5mk2g

    @user-fh2qc5mk2g

    9 ай бұрын

    Maja lengka hadir... Sok asa kagagas upami ngupingkeun kawih2 karya mg koko teh. PUITIS jg MENDALAM.

  • @deassunda

    @deassunda

    9 ай бұрын

    Hatur nuhun ti Majalengka tos kersa sumping

  • @entinsuhartini7773
    @entinsuhartini7773 Жыл бұрын

    Ya Alloh rumpaka na mani hese di tiru ku lagu lagu jaman ayeuna mani nyerep kana hate emut kapungkur abdi masih yuswa 6 taun sok nguping dina radio

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Leres pisan bu, rumpaka2 kawih mang koko mah mani nyerep pisan kana hate. Jnten waraas muhun bu

  • @lilisdindin1544
    @lilisdindin1544Ай бұрын

    😢

  • @deassunda

    @deassunda

    Ай бұрын

    Kunaon teh?

  • @iinsuarsih3992
    @iinsuarsih3992 Жыл бұрын

    Komo kawih Kalakay Gupay mh ! 😭😭😭

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Muhun leres teh, raoseun muhun teh kawih2 Mang Koko mah?

  • @ericklucky6318
    @ericklucky6318 Жыл бұрын

  • @endangsuganda8386
    @endangsuganda83867 ай бұрын

    Ngalenyepan lagu2 mang Koko, bruh-breh lalakon kapungkur. Asa lebah dinya..harita..lagu eta teh di hariringkeun ku sorangan, mangsa angin werat maut kakangen ka dirina..teu karasa biwir engab sorangan : "keur anjeun ieu lagu teh,enung.." gurilap,keclak cipanon murag sagede girimis. Ti pandeglang banten

  • @deassunda

    @deassunda

    7 ай бұрын

    Katawisna mah seueur kenangan muhun Kang?

  • @endangsuganda8386

    @endangsuganda8386

    7 ай бұрын

    Sesah ngabasakeunana luhungna lagu2 mang Koko mah. Asa moal aya gentosna..leres..lagu sunda teh seueur, nanging nu mang Koko mah wandana, laguna, rumpakana.. asa filosofis pisan.. duka kitu ge, eta mah saur sim kuring weh nu awam

  • @deassunda

    @deassunda

    7 ай бұрын

    Leres pisan kang

  • @atengsujana3496
    @atengsujana3496 Жыл бұрын

    Janten emut ka sepuh nu tos teu aya. Alfatihah...

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Mugi alm sareng almh ditampi iman islamna, dihapunten tina samudaya kalepatan, sreng dicaangkeun di alam kuburna. Aamiin

  • @atengsujana3496

    @atengsujana3496

    Жыл бұрын

    @@deassunda Aamiin

  • @ujanghusein3978
    @ujanghusein3978 Жыл бұрын

    Ligar Dina panineungan😢

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Leres Pisan Kang....

  • @deassunda

    @deassunda

    Жыл бұрын

    Sok waaras muhun kang

  • @rafis4905
    @rafis490511 ай бұрын

    Matak cing seredet kanu manah,, hatur nuhun mang koko🙏🙏🙏

  • @deassunda

    @deassunda

    7 ай бұрын

    Leres pisan Kang. Matak cing seredet muhun. Alfatihahna kanggo Alm Mang Koko

Келесі