Lagi Sunda Kang Ibing - Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang

Ойын-сауық

Lagu Sunda Kang Ibing
Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang
Biar ga serius terus, ayo sekali-kali kita hiburan, dengerin lagu sunda kang ibing, sambil melestarikan lagu-lagu sunda dan mengenang sang Legend - Kang Ibing.
Tutorial media pembelajaran nya istirahat dulu
Santai dulu
Lainnya Lagu Lawas Kang Ibing
Nunggu orok : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Django : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Abdi Alim yNorangan : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Calana : • Lagu sunda Kang Ibing ...
Kunjungi juga:
blog.jejakmedia.link​
kb.jejakmedia.link​
amelmira.com​
Tim Produksi Bentang Ngiceupan di Langit Kamelang
Penanggung Jawab : Pengurus Daya Mahasiswa Sunda Kota Bandung
Pimpinan Produksi : Kang Heri Wijaya, S.Ip
Naskah dan Narator : Kang Ibing Kusumayatna
Penata Musik : Kang Riskonda S.Kar
Juru Kawih (Penyanyi) : Ceu Neneng Dinar, Kang Herry Suheryanto, Ceu Neneng Fitri, Ceu Rika Rafika
Juru Pirig (Pemusik) : Kang Gangan Garmana, Kang Yeyep, Kang Maman, Kang Julia
Produser : Ceu Atik Sartika Arifin Yoesoef, SH., Kang Bambang Tanoeatmadja, Kang Heri Wijaya
Lagu :
(J) Eulis mun akang datang ka DAMAS
Haté liuh mapay tapak gandrung
Carita anu geus lawas
Teu daék laas, duh
(M) Engkang mun datang mangsa Mimitran
Haté peurih mapay tapak asih
Carita urang duaan
Angger némbongan, duh
(J) Si horéng duriat
Angger natrat ngagurat
Duh asih nu wening
Dengdeng nganteng anteng
(M) Si horéng kanyaah
Angger nganteng teu pisah
Duh asih nu urang
Langgeng pageuh deudeuh
Lagu :
Haturan-haturan
Hatur-haturan wilujeng sumping] 2x
Sumping damping di DAMAS
Sasarengan gogonjakan] 2x} 2x
(M) Tepang raray nu munggaran
Imut nungtun liwung gandrung
Wening asih ngahariring
Ingkeun teundeun sampeur tineung
(J) Basa tepang nu munggaran
Urang guntreng sakedapan
Aya galindeng nu nganteng
Haréwos jeroning batin
(M) Hé angin peuting nu tingtrim
Anu ngarti bari surti
Tepikeun getering batin
Éndahna puisi ati
(J) Apan tepang téh munggaran
Biheung urang tepung deui
Dareuda galindeng rasa
Ingkeun teundeun sampeur tineung
(M) Na kasaha kudu balaka
Nembrakkeun tungkusan kalbu
Na kumaha kudu nyarita
Nyampaykeun rasa katresna
(J) Na kasaha kudu balaka
Nyangreudkeun tatali asih
Na kumaha kudu nyarita
Maheutkeun rasa katresna
(M) Sakapeung sok nanya diri
Na kunaon haté bet gandrung
Mitineung kanu saurang
Liwung gandrung ngalanglayung
(M/J) Kacapi nu jadi saksi
Nyaksian lalakon diri
Rumpaka natrat nyarita
Tandaning kuring micinta
Narasi :
Eulis, basa salira munjungan dina mangsa wawanohan. Galindeng soanten asa kapireng, “akang, nepangkeun abdi…”. Duh, soca nu cureuleuk ngolébat dina lolongkrang kiceup. Salira tungkul nyumputkeun imut, lambey ngawet mipit asih. Sajorélat kiceup ngampih. Salira mah moal terang, antara harepan jeung hariwang sok inggis asih nogéncang, haté dipuntangan bingbang.
Lagu :
(J) Eulis akang téh bingbang
Lami basa mimitran
Eulis duh buah haté
Iraha akang ka bumi
Eulis akang ngantosan
Nganti naon putusan
Eulis duh kembang soca
Piraku nu geulis téga
Kapan urang sasarengan
Melakkeun tangkal harepan
Tepang téh teu acan lami
Piraku paturay deui
Narasi:
Sakapeung akang sok hayang tumanya kanu keur kabeulit ku asih, naha naon ari cinta? Nu datangna tara bébéja, lamun indit tara pamit. Da geuning sakapeung sok malik nanyakeun. Mun duriat dihalang-halang, naon nu jadi alesan? Naon nu jadi lantaran?
Lagu:
(M) Naon nu jadi alesan
Naon nu jadi lantaran
Naon nu jadi ukuran
Duriat dihalang-halang
(J) Naha urang bet patepang
Naha asih bet sirungan
Boa haté teh longkéwang
Duriat mah ukur impian
(M) Nu lepat mah boa tepang salah mangsa
Bibit asih biheung deui manjing wanci
(J) Salira mah balébat ti belah wétan
Pamohalan mun kudu tepung jeung layung
(M) Saha nu rék disalahkeun
Saha nu rék dibongankeun
(J) Saha anu rék nulungan
Nu salah mah bongan sorangan
Lagu:
Di imah kuring nu indung
Pujaan bapa pinasti, deuh
Da bongan lampah kaula
Tékad rék sumerah diri
Rék dihideung rék dibodas
Ceuceu akang nu masini, deuh
Rumasa kuring mah dusun
Taya basa tuna harti, deuh
Di DAMAS éstuning nyemah
Nganti asih ti pribumi
Tékad diri rék sumerah
Teu maksad ngabibisani
#LaguSunda​
#LaguLawas​
#LaguSundaKangIbing​
#KangIbing​
Disclaimer: Lagu didapat dari internet tanpa licensi. Hak cipta lagu milik pencipta. Penyebarluasan pada channel ini hanya bertujuan untuk melestarikan lagu sunda tempo dulu.

Пікірлер: 64

  • @usupboy936
    @usupboy9363 күн бұрын

    Assalamualaikum Kasabeh Urang Lembur Abdi mah sok Ras emut kapungkur nalika abdi lemur ranca oray Bojong soang bandung sok sanajan sedih tapi nguping Damas Terhibur Tinggal Wacana Damas Mantap ❤👍👍👍💯🤲🤲🤲

  • @sahawelah4647
    @sahawelah4647Ай бұрын

    Kang Ibing mah TOKOH Sunda ...legend tea 👍👍👍

  • @loronurmanah3497
    @loronurmanah34973 ай бұрын

    Neumbe pisan SIM Kuring ngadangu na lagu seni Sunda ti almarhum ustad ibing.raos pisan di danguna ,janteun nostalgia SIM Kuring. Kaping 3 sasih 5 THN 24.

  • @wasdiyanto3986
    @wasdiyanto39862 ай бұрын

    Sampurasun,abdi ti kampung bau lisung.bade nimbrung tuma lapung.Asa kagagas carios lawas ti damas,najan teunyorang Kana perjuangan,nanging ngarojong Kana seniman NU jadi panutan urang Sunda sadayana, mangga gera teraskeun.htr nhn.

  • @dayathidayat4056
    @dayathidayat40563 ай бұрын

    Ieu karya Seni Sunda Kacapi Suling anu sakieu endahna hebat eta Kang Ibing Alm seniman Sunda anu moal aya gentosna, mugia Anjeuna kenging rohmat magfiroh ti Gusti Alloh SWT. Ka Para Juru Kawih anu sakitu saena soantena halimpu Atuda sadayana Jawara Tembang Sunda Cianjuran Kang Heri Suheryanto Neng Dinar Neneng Fitri Neneng Rika Dipirig ku Grup Seni Sunda Kacapi Suling anu sakitu kompakna Ieu Pidangan kacida Mahal Ajena

  • @EdiRahmat1984
    @EdiRahmat19845 ай бұрын

    Teu aya bosenna ngadangukeun tembang sunda dibarung ku sajak ti almarhum maestro sunda

  • @dedekartika242
    @dedekartika242Ай бұрын

    Duuhh, meni nyeredet hate. Hatur nuhun pisan kanggo nu tos nyebarkeun ngalestarikeun budaya sunda 🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏

  • @AbahKumis2011
    @AbahKumis2011 Жыл бұрын

    Sampurasun sim kuring bah obek seniman sunda nu maneuh di sydney Australia, dina album ieu sim kuring ngiring aub , salah sawios lagu antawisna aya lagu sim kuring pisan nu judulna KASMARAN , dugi ka kiwari teu aya panyambat ti saha wae ti pihak DAMAS atanapi tini sanesna , tapi teu sawios utamina mah seni sareng budaya sunda langkung NANJEUR….AHUNG rahayu waluya walagri salawasna 🤲🤲🤲

  • @kania_29

    @kania_29

    6 ай бұрын

    Abah sanes anu sok nelpon upami Kang Ibing nuju siaran? Ngiring ngenes bah , geuning sebatan Legend kanggo almarhum teh mung ungkul carios buktosna mah nol , teu Aya apresiana kanggo kulawargina nu dikantunkeun punten upami lepat

  • @amannurman4680
    @amannurman46802 ай бұрын

    Asa wararaas...ngadangu ieu lagu disarengan ku sajak Anu mirip nuju posma waktu lebet ka perguruan 40 taun ka tukang ...

  • @user-ry1gv2lt9y
    @user-ry1gv2lt9y3 ай бұрын

    Seni Sunda kudu dipiara didama2 ku urang Sunda sorangan.ulah kadeseh ku seni nu lian.

  • @Arya-mp8rw
    @Arya-mp8rwАй бұрын

    Inget ka istri nuju di pangumbara,an hampura geulis akan can bisa nyenangkeun

  • @abahruhiyat
    @abahruhiyat3 ай бұрын

    Mani waas asa kagagas ari ras kana lalakon lawas.Damas matak ngahelas

  • @veryimam3428
    @veryimam34282 ай бұрын

    Teu bosen ieu lagu diputer deui di puter deui.karya Kang ibing nu sae kalayan suanten istri pameget nu empuk halimpu tiis......kakuping na.👍👍👍👍👍💖💖💖💐💐💐🙏

  • @linataufiq1978
    @linataufiq19786 ай бұрын

    MasyaAllah dugika waas ngupingkeun suanteun kawihna Kang Ibing,mugi urang sadaya tiasa ngamumule seni Sunda

  • @ohanrohanda6946
    @ohanrohanda69462 жыл бұрын

    Sae pisan ngamumule seni sunda, iwal ku urang sunda sorangan

  • @asepstd8942
    @asepstd894211 ай бұрын

    alm kang ibing. nya artis nya komedi nya pencipta lagu nya pendawah . keur jawabarat mah kaicalan inohong seni . mugi mugi kang Ibing. di tampi Iman islamna kengeng tempat nu langgeng tur raos dialam padang poe panjang.

  • @veryimam3428
    @veryimam34282 ай бұрын

    Aduh ieu lagu sae pisan ,meni nyeredet kana ati sanubari. Waas jaman nuju ngora.Hatur nuhun Kang ibing seniman sunda paling the best.👍👍💖🙏💐

  • @Sintawati-jr1nk
    @Sintawati-jr1nkАй бұрын

    Kumaha ath Ieu lagi teh tiap hari di puter ❤❤, tiap mlam Teu bosan,,

  • @rusmanauus3470
    @rusmanauus347011 ай бұрын

    Kang Ibing...kang Ibing.... Ngabojegna ...mantak sisingkelan nyeri kulit beuteung. Dariana, siga nu ieu, mantak nyerep kana keketeg, singseredet kana hate. Allahumaghfirlahu ...warhamhu...... Aamiiin yR'A.

  • @denyalabror2475
    @denyalabror2475 Жыл бұрын

    Alfatihah untuk Alm Kang Ibing Kusmayatna, Legenda sunda semoga diterima iman islamna diampuni sagala dosana ku Allah SWT amiin yra

  • @julpikar5303
    @julpikar53036 ай бұрын

    MashaAllah..reugreug pageuh pataliwargi....di instrenan jajap ajaran carakana tata batokahna wewengkon budaya ki sunda...atenan apik ngamprahweasanpadjdjaanwanoh tatakrama nu mulya...SILIH ASIH SILIH ASAH SILIH ASUH NGAIS PANGARTI NGANJREK KEUN BANGSA SAWATRA ENDAH tentrem ayem Gemah Ripah Loh Jinawi.. Sampurasuuun..kanggo Para tuturus akang akang cueceu..pangabdi lestari budaya sunda... Gusti Allah Pangeran nu welas asih.. Pang mangku keun ku Aisan RIDLO ikhlas kajaring ku Asihna ..ku Seungitna abadi lungguh linggih tina Sawarga NA...Husnul Khotimah nyaangaan ku cahaya elmu luhung kesakt diri na....sajagat raya...jaya ki sunda sasalawasna.... Haturnuhun..ka para sesepuh atikan sunda...moal sirna ku mangsa...baktos deudeuh ..guyub sa uyunan..sim kuring Eef Effendi ,Sunda Sajati 82...mimitran 1991... Barrakallahu fikum...

  • @baloncai1379
    @baloncai13797 ай бұрын

    Allhamdulilah se,er keneh nungamumule kasenian Karuhun urang sadaya (urang Sunda )

  • @andinsopandi1811
    @andinsopandi1811Ай бұрын

    Sanes ngalelewe sim Kuring Oge nyeredet hate ngupingkn lagu bentang ngiceupan di langit kamelang nu nembang kang Ibing Alm.

  • @yopiefals234
    @yopiefals234 Жыл бұрын

    Karya karya alm kang ibing bnyak yg menikmati tapi sayang ga ada royalti buat kluarga...saya titip pesen mudah mudah sadar para pengaopod karya karya kang ibing

  • @denyalabror2475
    @denyalabror2475 Жыл бұрын

    salaku urang sunda ngadangukeun musik sunda ngajadikeun hate sedih rus ras kaditu kadieu inget ka kolot anu tos teu aya dikieuna Ya Allah hampura abdi ka ibu rama

  • @basirpakendang2920
    @basirpakendang2920 Жыл бұрын

    Reu eus pisan tiasa ngadangu kawih kawih kng ibing

  • @ummiiyam8086

    @ummiiyam8086

    Жыл бұрын

  • @asephambali9933
    @asephambali99332 жыл бұрын

    Sampurasun, Abah Jagabaya ngaraos kataji ku ieu pintonan, antawis lirik, rumpaka, wirahma, SAE pisan, kaciri luhungna budaya Sunda anu peryogi di mumule ku urang sadaya.

  • @muhammadridwan6391
    @muhammadridwan63916 ай бұрын

    Semoga almarhum selalu di beri ampunan dan di muliakan di alam kubur nya aamiin, alfatihah

  • @rahmatsarwokusumo6889
    @rahmatsarwokusumo68899 ай бұрын

    Semoga ditampi iman islamna Husnul hotimah.

  • @kania_29
    @kania_296 ай бұрын

    TONG HILAP UPAMI DIMONETISASI KEDAH AYA SAPESER ( ceuk paribasana) MAH KANGGO NU GADUH HAK NA, SUPADOS BERKAH

  • @iyusrusyana8457
    @iyusrusyana8457 Жыл бұрын

    Mugia sunda tetep aya.. Ulah nepi ka lengit ilang ku urang sunda sorangan 😢

  • @user-ei9oj9oq9r
    @user-ei9oj9oq9r3 ай бұрын

    Almarhum kang ibing pelwak serba bisa, .

  • @emaksuminarsih5108
    @emaksuminarsih51086 ай бұрын

    Muhun meni raosen pisan

  • @AasubanaGolong-lo2qi
    @AasubanaGolong-lo2qi11 ай бұрын

    Duh waas pisan kamtenan eta dina lagu calon anggota damas bde lebet ruangan dugika di ulang2 didanguknana

  • @jangbahar80
    @jangbahar802 жыл бұрын

    Cobi dangukeun na wengi Matak nyerep Kana ati,

  • @dadikusnadi4248
    @dadikusnadi4248 Жыл бұрын

    Suanten nu istri na meni raoseun dupi saha nya meni pas pisan halimpu na

  • @Anggi_srd
    @Anggi_srd Жыл бұрын

    Meni waas ngadanguna

  • @tjandrasubadjda-gj2nd
    @tjandrasubadjda-gj2nd11 ай бұрын

    RIP kang Ibing.dae kang mani waas.Gusti Yesus berkahi akang.haleluya Amin

  • @sanax9805
    @sanax9805 Жыл бұрын

    Dulu rumahku deket dengan perumahan k ibing kahibur terus

  • @dedingshalahudin7449
    @dedingshalahudin74499 ай бұрын

  • @yonaUnboxing
    @yonaUnboxing11 ай бұрын

    Sae pisan

  • @kakekwawan7527
    @kakekwawan75279 ай бұрын

    Hatur nuhun pisan.

  • @ishaksumedi7027
    @ishaksumedi7027Күн бұрын

    R aoseun

  • @devaamid6187
    @devaamid61872 жыл бұрын

    Duh asa arek pangantenn

  • @yeyepyusup7442
    @yeyepyusup74422 жыл бұрын

    Duuh waraas 😀😀

  • @asepekisofyansofyan8816
    @asepekisofyansofyan88169 ай бұрын

    Riquest lagu cewe 82 kang

  • @ailaswatilaswati1756
    @ailaswatilaswati17562 жыл бұрын

    Nha nya lagu kang ibing nu taun 82an teu aya. Nu judul na kang maman bloon sreng cewe 82

  • @dornadoclang5055
    @dornadoclang50552 жыл бұрын

    Sampurasun kaganggu ku iklan euy

  • @uprukkayu3903
    @uprukkayu390310 ай бұрын

    Sampurasun punten sim kuring bade tumaros dupi damas teh naon ???

  • @gameplayepicabadi5007

    @gameplayepicabadi5007

    8 ай бұрын

    Daya mahasiswa sunda Kang

  • @nanasukarna8260
    @nanasukarna8260 Жыл бұрын

    Matak

  • @nanasukarna8260

    @nanasukarna8260

    Жыл бұрын

    Matak,imut,jaman,katuksangg

  • @emandarmawan1788
    @emandarmawan17882 жыл бұрын

    Loba iklan

  • @benturkce
    @benturkce Жыл бұрын

    19:07

  • @hinggawigara888
    @hinggawigara8882 жыл бұрын

    woyy...dokumentasi DAMAS ieu. Izin heula teu ka DAMAS na ?

  • @AepNurdin-zd5cv

    @AepNurdin-zd5cv

    Жыл бұрын

    Nya pasti izin atuh kang

  • @zezenjejen7748
    @zezenjejen77482 жыл бұрын

    Pusing ku iklanna mni ungal menit

  • @jejakmedia7912

    @jejakmedia7912

    2 жыл бұрын

    O kitu.. settingan na kitu.. nke urang atur deui atuh.. punten

  • @aryaibrahimrumaisha6067
    @aryaibrahimrumaisha60679 ай бұрын

    Reueus Htrnhn

  • @ericklucky6318
    @ericklucky6318 Жыл бұрын

Келесі