Wayang Golek Panca Komara GENJLONG JAGAT (Audio Kaset) - R.H. Tjetjep Supriyadi
Ойын-сауық
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Wayang golek audio ti dalang R. H. Tjetjep Supriyadi ieu mangrupakeun hasil konversi tina kasét pita ka format mp3. Kasét ieu nu aslina direkam taun 1981, teras diproduksi deui taun 1990-an. Sim kuring kénging kasétna ti Sadérék Haris urang Desa Malahayu Kec. Banjarharjo Kab. Brebes, Jawa Tengah. Sakali deui hatur nuhun, Yi Haris.
=====================
SINOPSIS GENJLONG JAGAT
Di Karajaan Mandura, Prabu Baladéwa disundutan ku Dorna ngeunaan kalicikan Kresna adina Baladéwa nu dituduh nukerkeun Makuta Binokasih tina emas kana pérak. Ogé Kresna dibenum ku déwa jadi Batara hiji-hijina di alam dunya. Hal ieu ngajadikeun lanceukna sirik da dipangaruhan terus ku Dorna. Antukna Baladéwa ngajorag Kresna di Dwarawati. Kusabab embung nimbulkeun kariweuhan nu leuwih parna dimana rahayat bakal jadi korban, Kresna kabur ngajugjug Amarta bari terus diudag-udag ku lanceukna, Baladéwa.
Di Karajaan Amarta, Arjuna ngurihit ka lanceukna, Prabu Darmakusumah hayang jadi raja. Arjuna ngungkit-ngungkit jasana ka Amarta. Jadi wajar waé mun manéhna nu jadi raja. Hal ieu ngabalukarkeun amarah ti Bima nu sarua boga jasa, malah leuwih-leuwih ti jasa Arjuna ka nagara. Der...galungan. Jelas Prabu Darmakusumah bingung jeung prihatin ningali dua dulur ijén patutunggalan.
Para nonomanna saperti Wirawan, Sumitra, Rukmantara, Drestajumena, Lesmana, Abimanyu, nyieun kelompok séwang-séwangan ku lantaran teu sapagodos dina pamadegan. Der...pada ijén patutunggalan.
Nagara keur aya dina kakacowan, dak dumadak Semar Badranaya ngaleungit ti Tumaritis. Puguh wé Gatotkaca salaku pupuhu kaamanan nagri tambah riweuh misah para nonoman nu garelut.
Ceuk Si Cépot ka Dawala : "Euh Dawala, kaya kieu mah atuh Génjlong Jagat. Carios lengkepna mangga bandungan dugi ka tamat. Cag!
Пікірлер: 50
Mangga diaos sinopsisna dina déskripsi handapeun judul.
@arvinmuhamad2135
3 жыл бұрын
57nmkqplek
waraas jaman bp sareng ema masih jarumeneng keneh.........😥😥😥
cianjur hadir suaranya dalang juru kawih alok semuanya bagus pertanyana masih araya keneh kitu eta sindena
Juru kawihna mantap,suara emasna bening,menyentuh sanubari,gamelan pancakomara memang the best,hatur nuhun min
Hatur nuhun koleksi ti panca komara langlung seueur nambih na... Teu aya bosen mureng kakawen dalang kameumeut.
Mantaap pokonamah lah nambihan deui koleksi wagolna hatur nuhun (darmaraja)
Nyuhunkeun carios hanoman kembar ti dlg cecep suoriadi
Mantab Ragunan hadir kang
Lemahmakmur hadir,mantap pisan wagolna,dlng na Eh Tjetjep supriyadi mantap pisan
Njreng keneh
Sampurasun lur... Garut hadir..
@AkoerLah
2 жыл бұрын
Rampes. Hatur nuhun tos sindang ka channel abdi ieu.
Alhamdulillah... Rasa kangen ka ubaran...nya kangen ka q Dalang favorit...Q Dalang R.H. Tjetjep Supriyadi. Asli Karawang..
@AkoerLah
3 жыл бұрын
@Jaya Jaya Dikarma : Lakon Jaya Geni na tos disetél?
Htrnuhun.....tos nambih deui . Mugia sing di lancarkeun koleksina aamiin.....
Bendungan hilir tanah abang jakarta Hadir tur nyimak yeuh
@AkoerLah
3 жыл бұрын
Hatur nuhun.
@sutisnoabay4479
3 жыл бұрын
Diantos nu sanesna nya
Suantena eces rekamanna sae nuju gagah nuju naek daun cecep suradi dalang legendaris sastrawan sareng dalng pujangga .!
Punten min cobi reques bangbang basu sutapawana.. .
@AkoerLah
3 жыл бұрын
Numawi teu acan gaduh mun nu ti Cecep Supriadi mah. Manawi ka channel Nanang Anggareksa nu sok ngaplodan lakon Cecep Supriadi mah.
mantap kang akur hatur nuhun tos aya nu anyar deui
@AkoerLah
3 жыл бұрын
Sami-sami.
Nambih dei koleksi carios wayang golek Dalang RH Cecep Suprijadi.. Mantap laah Pokonamah. Chanel Youtobe Akoer Lah. Mugia dipasihan sukses ,lancar ,mulus rahayu.. Berkah salamet. Aamiin
Duhh meuni waraas nembe ngadangu deuii ieu lalakon teh..ti aalit dugi ayeuna meh aqi"..htyrnhun aplodan..kang akur
@AkoerLah
3 жыл бұрын
@Remaz Dsakiti : Nu Jaya Geni tos disetel?
@remazdsakiti2876
3 жыл бұрын
@@AkoerLah atos weungi tdi..hturnhun apoldan na..gan
Lebak banten hadir kang
@AkoerLah
3 жыл бұрын
Lebakna di mana?
Pertama
Emut iyelalakon kuring msh sakola smp klas dua di sagarantennn hidup sanggu
Alhamdulillah Agan Htrnhn katampi pican Pidangan nana
Komen ka tilu... Wilujeng ngabandungan... Tong hilap bari siduru di hawu, kopi pait jeung beleum sampeu... 😁😁
Dalang maestro
Komen ke 2 mang Adang..😁😁
Begadang deui bae yeuh bari ngadangukeun wagol 😁😁😁🤭🤭
Kmha kng akoer lah . Lalakon babang dasa walik rama tos.aya ?
@AkoerLah
3 жыл бұрын
Teu acan gaduh.
Salah sawios dalang faforitl abdi
Asa dipepende..usum tiris kieumah..meni asa hayang mulang,ti parantauan.
cupu manik astagina tos aya acan kang
@AkoerLah
3 жыл бұрын
Teu acan gaduh numawi.
Mm
Kang akoer lah upami lalakon somantri ngenger mah abdi sering nguping mah di RRi jakarta kapungkur sering di puter upami malem minggu coba liar ka rri . Sugan kenging !
@AkoerLah
3 жыл бұрын
Samantri ngenger mah memang tos gaduh ti Cecep Supriadi mah.
Kalau ada ceritera SATRIA PANCA DARMA ATAU PRABU GIRI CANDRA CECEP SUPRUADI
@AkoerLah
3 жыл бұрын
@Uded Rukmana : Dua lalakon eta mah apan tos diaplod lami. Pikarian we di channel abdi ieu. Tos langkung ti 25 video wayang dalang Cecep teh.
@udedrukmana7391
3 жыл бұрын
PAMI AYA LALAKON TRINATA DALANG AMUNG SUTARYA VERSI MP 3 KASET PITA.
@AkoerLah
3 жыл бұрын
@Uded Rukmana : Kantos diaplod nu Trinata ti Amung Sutarya teh. Tapi tos dihapus deui. Engke diaplod deui.