Nadhom sunda Umat islam akhir zaman | Ust hadad hasby
Nadhom sunda Umat islam akhir zaman | Ust hadad hasby
Umat islam ahir zaman
seueur anu kasasaran
ucap lampah patékadan
seueur pisan pamusyrikan
Musyrik kufur pamurtadan
tos jadi kabiasaan
teu iyeuh jadi pikiran
matak ruksak kana iman
Syahadat sok di ucapkeun
sholat ogé dilakukeun
majarkeun téh cukup iman jeung ngaku ka islaman
Najan laku teu napakan
kana aturan pangéran
teu gaduh rasa nyalahan
éta téh pangajak setan
Ari ngaku umat islam
ari lampah siga sétan
mabok zinah perjudian
anu jadi pisdamelan
Seueur ulama diancam
pedah ngajak lebet islam
da kuring mah enggeus iman da cukup islam turunan
Ulama dipika ngéwa nerangkeun aturan hakna
ngajak sholat jeung zakatna
majar bosen ngadengena
Seueur ajengan nerangkeun
kana hukum ti pangeran
seueur anu ngabalieur
bongan jauh jeung kahayang
Seueur ucap pagawéan
teu sesuai jeung aturan
jiga hadé sareng iman
padahal mah kasasaran
Kana sholat ngahir-ngahir
majar pameng pidamelan
nyiar dunya séséépan
sholatna rék di qodoan
Seeur paréntah pangeran
anu kedah dilakonan
kalakah seueur alasan
majarkeun téh karepotan
Éling-eling umat islam
sing éling kana aturan paréntah alloh lakonan
paréntah setan singkahan
Mun hirup hoyong salamet
iman urang mah sing kuat
perintah alloh sing taat
sanajan karaosna berat
Al-qur’an tong dijauhan hadits ulah disisihkeun
ayatna jadi bacaan
maknana geura lenyepan
Hayu dulur urang tobat
meumpeung urang masih sempat
ibadah urang sing ningkat
meungpeung tacan kena maot
Jika sahabat2 semua punya saran dan ide, bisa tulis di kolom komentar.
Karna saran dan ide kalian sangat kami harapkan.
Terimakashi
(Admin hadad hasby official)
#muhunbah
Пікірлер: 30
Masya Alloh Nadhom nya menyerap sampe qolbu, mudah2an kita mendapatkan ridho magfiroh Alloh SWT aamiin ya robbal a'lamin 🤲🤲🤲🤲
Subhanalloh, Masya Alloh Tabarokalloh....Ajiiib...nadhoman na nyelecep kana manah....
سبحان الله
Musrik adalah mao naek jabatsn lsri kaduku n berdos psda slllah
assalamualaikum mamang, katampi nadhomana sok dialunkeun ku simabdi tiap majeng ka magrib. nyunkeun widina 🙏
Semoga sehat selalu dan ada lindungan Allah amin ya Allah
Nadom mengingatkan org2sombong
Masyaallah
Ass,ajeungan ijin ngamalkeun ieu nadzom mugia sing janten amal soleh amin
Assalamu'alaikum
Assalamualaikum ustad abdi kangen pisan hoyong tepang tapi alhadulillah tiasa nguping soanten ustad.ngalangkungan ie hp. Mudah2an ustad panjang yuswa kalayan sehat.aamin
Jangan duakan allah minta pafa allah
Meringing saya..ingat prilaku n dosa saya😭
👍
Assalamualaikum,ijin mengamalkan
😭😭😭😭
Kang sayiran na nyien hate adem
Izin share
Asalamu alaikum. Saleres na jmn kiwari Eta seueur nu kitu
Izin share kang