Carmis Majalah Manglé : Fariz (Murid nu Katilu)

Nepi budalan sakola, malah basa Bu Mar geus aya di imahna, bet terus mikiran Fariz. Manéhna ngarasa ahéng deuih, da mireng iber ceuk guru-guru nu kungsi jadi wali kelas Fariz basa kelas hiji nepi kelas lima-- Fariz mah budak nu pikayungyuneun, rengkuh ka guru, nurut ka guru, malah can kungsi musingkeun guru. Guru-guru bangun nu teu percayeun Fariz kitu peta. Kajurung ku rasa kapanasaran, Bu Mar rék ngawapri indungna Fariz, tapi daksakala reuwas sabab tétéla indungna Fariz ti tabuh satengah genep isuk gé geus ngawapri, karék kabuka ku Bu Mar. Unina, Fariz moal asup sakola alatan nyeri huntu tur arék uubar ka puskésmas. Écés, Fariz mah teu sakola, poé tadi. Bu Mar jadi bingung, naha Fariz mémang tadi isuk teu ka sakola, atawa ka sakola ngan mulang teu bébéja téa? Ah, Bu Mar dumadakan guligah nepi ka tengah peuting. Hayang geura isuk, sugan aya nu bisa ngécéskeun.
Carmis Majalah Manglé
Pangarang/ Juru Dongéng: Komala Sutha
Éditor vidio : Andy S
#dongengbahasasunda
#dongengsunda
#caritapondok
#carponsunda
#misteri
#cerita
#ceritahorrorstory
#ceritaseram
#halloween

Пікірлер: 6

  • @nursitihasanah8466
    @nursitihasanah8466Ай бұрын

    sukses terus bu🎉🎉❤

  • @Komala_Sutha

    @Komala_Sutha

    Ай бұрын

    Hatur nuhun, néng

  • @naninurhaeni6034
    @naninurhaeni6034Ай бұрын

    Bismillahirrahmanirrahim... Duh.. Meni muriding nguping caritana.. Diantos dongeng anu salahengna.😊

  • @Komala_Sutha

    @Komala_Sutha

    Ай бұрын

    Hatur nuhun, Tétéh, isin saleresna didangukeun ku Tétéh nu suantenna sakitu halimpu matak kukupingeun. Nanging reueus ogé bingah kana pangersana rurumpaheun.

  • @user-wk6ng3dn7d
    @user-wk6ng3dn7dАй бұрын

    Seremm banget carpona

  • @Komala_Sutha

    @Komala_Sutha

    Ай бұрын

    Terima kasih, ya, semoga menghibur